Unggul dalam Prestasi, Santun dalam Prilaku, Jujur, Cerdas, Kompetitif yang dilandasi Iman dan Taqwa

Rabu, 20 Maret 2013

PIDATO PERPISAHAN










Assalamu'alaikum Wr. Wb

Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring sareng rerencangan bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kepala sekolah kalih Ibu anu ku sim kuring dipihormat, bapa sareng ibu guru oge para tamu , hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angen anu tos lami dikemu salebeting ati.

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring sareng rerencangan munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna bade paturay  deui. Sim kuring sareng rerencangan bade ngantunkeun ieu sakola anu pinuh ku panineungan , insya alloh sapalih bade neraskeun sakola, kanggo ngahontal harepan sareng cita-cita. Nu sapalih bade kasab kanggo ngaronjatkeun kahirupan sareng kamakmuran di lingkungan sewing-sewangan.

Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring sareng rerencangan diajar neangan elmu. Ruang-riung boh di kelas , boh dina rupa-rupa kagiatan ,bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten '”panineungan” nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring sareng rerencangan, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring sareng rerencangan gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.

Teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring sareng rerencangan teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.

Atuh salami sim kuring sareng rerencangan diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep nu tangtos matak teu raos manah bapa kalih ibu guru, sim kuring sareng rerencangan nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan.

Pamungkas, sim kuring sareng rerencangan nyuhunkeun pidu'a ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola, tiasa milarian kasab anu halal. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyucruk elmu di tingkat nu langkung luhur..milarian nafkah anu halal…

Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.

Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.

Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb
.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar